Badru : "Bapa... ujang hayang meuli sapeda!"
Bapana: "Sok mun isukan dibagi rapot aya angka 9 an 3 siki we ku bapa dipangmeulikeun"
Isukanna dibagi rapot...
Badru : "Bapaaa!! Rapot ujang aya angka 9 an 3 siki..!! Mana sapedahna Paa..?!!"
Bapa (atoh): "Taaaahhh kitu atuh eta ngaranna budak Bapa..! Tuh di dapur sapedahna geus Bapa beulikeun.. Mana siah rapotna Badru?!!!"
Badru: "Na luhureun tipi Paaa..!!" (bari ngaleos make sapedah anyar)
Matematika = 3
IPA = 5
Penjas = 4
IPS = 2
Bhs Indonesia = 3
Sakit = 9
Ijin = 9
Alpa = 9
Bapana: "Badruuuuuu ..... KOPLOOOOOOK!!! Kolot ditipu!!!" 😁😅😂😜☺😭
Tidak ada komentar:
Posting Komentar